Irwandhi  :                Assalamualaikum wr wb.
sarerea    :                 Waalaikumsalam wr wb.
Irwandhi  :                Babaturan , salaku katua , kumaha lamun urang ngomongkeun pelaksanaan lebaran Idul Adha?
Edwin       :                mangga atuh !
Ade            :                Tapi, rek dimana ngayakeun idul adha teh ?
Edwin       :                Nu urang denge ti kapala sakola, idul adha teh   rek di ayakeun di sakola.
Irwandhi  :                Edwin,upami anjeun geus boga rencana acan ?
Edwin       :                Simkuring mah tos gaduh rencana .
Ade           :                naon wae rencanana teh ?
Edwin       :                Urang ngusulkeun pikeun ngundang ustadz ti luar sakola , sabab siswa teh teu ngarasa bosen jeung eta acara teh . kumaha ?
Irwandhi  :                nah, eta rencana tos alus . lamun cek anjeun kumaha ?
Ade  :                        mun abdi mah mere saran pikeun ngajak siswa teh nyaritakeun deui sejarahna Nabi Ismail,sabab nyambung jeung idul adha .
Irwandhi  :                Eta rencana nu alus oge , urang satuju.
Ade            :                mun anjeun gaduh rencana naon ?
Edwin        :               kurban nu di sakola jeung dibagikeun ka masyarakat di sakitar sakola.
Irwandhi  :                Eta geus pasti . lamun kitu kurig wae nu nyieun proposalna pikeun di ijinkeun ku kapala sakola , engke urang nyiapkeun naon wae nu di butuhkeun.
Edwin      :                Alus lah lamun kitu mah, mugi-mugi acara urang  teh lancer jeung teu aya masalah nu jadi penghambat.
Sarerea         :           Aamiin..
Irwandhi  :                ya nggeus lamun kitu, rapat kali ieu cukup sakian. Wassalamualaikum wr wb.

0 comments:

Post a Comment